Selasa, 03 November 2015

MUSUH GEROT



(BACA HEULA SAACAN SEURI)

Pertemuan dua preman nu geus jadi musuh gerot mang abad abad,
Kabeneran pisan hiji waktu maranehna pasangrok dijembatan wilayah kampung beungek .
Tanpa dikomandoan maranehna geus saling nembongkeun pakarangna
Ajang jaga jaga.
Nu hiji nembongkeun bedog,
Nu hiji nembongkeun belati
(GELUT TEA IEU MAH)

Ceuk preman nu kahiji,

PREMAN 1 :
" Naon Siya melong !!
  Nyaho ieu naon ? "
(bari ngacungkeun bedogna)

PREMAN 2 :
" kumaha dewek weh !!
  Apal .. Bedog eta mah.
  Terus silaing apal ieu naon ? "
(bari nembongkeun belatina)

PREMAN 1 :
" Apal !!!
  Belati eta mah "

PREMAN 2 :
" TUKEUR TAMBAH ATUH ??!! "

PREMAN 1 :
" HAYU !!!! "

Nupuguh judul namah BARTER pakarang, lainna galelut.

(CANDAK HIKMAHNA)

TAMAT

Tidak ada komentar:

Posting Komentar